
Milih jaringan seluler
Alat Anjeun ngarojong pamakean dua jaringan nu beda dina waktos nu sami. Anjeun
tiasa milih ti kombinasi jaringan ieu basa dua kartu SIM diselapkeun di alat Anjeun:
•
Hiji jaringan LTE sareng hiji jaringan GSM
•
Hiji jaringan WCDMA sareng hiji jaringan GSM
•
Dua jaringan GSM
Kanggo unggal kartu SIM, Anjeun tiasa nyetel alat Anjeun pikeun mindahkeun otomatis
antara jaringan seluler gumantung kana jaringan seluler mana nu sadia di tempat Anjeun.
Anjeun oge tiasa nyetel alat Anjeun ku cara manual pikeun ngakses tipeu jaringan seluler
husus kanggo unggal kartu SIM, contona, WCDMA atawa GSM.
Ikon status nu beda dipintonkeun di bar status gumantung kana tipeu atawa modeu
jaringan nu keur Anjeun sambungkeun. Tingal ka
Ikon status
di kaca 22 pikeun nempo
kumaha tampilan ti ikon status nu beda eta.
Pikeun milih modeu jaringan
1
Tina Layar Utama, ketok .
2
Panggihan tur ketok
Setelan > Lainna... > Jaringan seluler.
3
Pilih kartu SIM.
4
Ketok
Modeu jaringan, teras pilih modeu jaringan.
Pikeun milih jaringan nu sanes ku cara manual
1
Tina Layar Utama anjeun, ketok .
2
Panggihan tur ketok
Setelan > Lainna... > Jaringan seluler.
3
Pilih kartu SIM.
4
Ketok
Propaider laden.
5
Ketok
Modeu teang, terus pilih Manual.
6
Pilih jaringan.
Upami Anjeun milih hiji jaringan ku cara manual, alat Anjeun moal bakal neangan jaringan nu
sejen, sanajan upami Anjeun mindahkeun rentang jaringan nu dipilih sacara manual.
Ngaktipkeun pilihan jaringan otomatis
1
Tina Layar Utama anjeun, ketok .
2
Panggihan tur ketok
Setelan > Lainna... > Jaringan seluler.
3
Pilih kartu SIM.
4
Ketok
Propaider laden.
5
Ketok
Modeu teang > Pilih otomatis.
32
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.